Sabtu, 07 Maret 2009

Kumaha Damang?


Cup, Ink, Fan? Kumaha daramang? Aduuuh.. ngan urang wae yeuh nu teu gaduh padamelan, sing silih du'a wae nya? Alhamdulillah urang yeuh nuju berusaha. Sing tong silih poho wae nya?
Heug urang wujudkeun impian urang keur masih di STM tea? Siap teu? Urang sadaya teh sami-sami nuju berusaha jadi jelema atuh? Mugi-mugi sing aya wae jalan urang ambeh tiasa papanggih deui jiga baheula, tong aya pepegatan silaturrahim.

Totong?


Tong? Salilana teh Aa moal ninggalkeun Totong moal? Da Aa ge ngartos perasaan totong teh kumaha,, Heug ayeuna teh Aa jauh jeung Totong, tapi Insya Allah Aa ka jawa Juli taun ayeuna, nuhun pidu'ana wae nya?

Jumat, 06 Maret 2009

Curhat Urang..

Alhamdulillah, abdi parantos gaduh anu dipika hoyong, dipikadeudeuh, diikanyaah. Dede Euis, A teh meni sayang pisan ka anjeun.
"Hatur nuhun nya tos hoyong balikan deui.. A syukuran pisan, kumargi kitu Aa alim deui papisah sareng teteh, Aa hoyong salamina sareng teteh.. Insya Allah Aa parantos siap nyunting teteh 5 atawa 6 taun deui.. Antosan Aa nya?

Punten pisan upami nyinggung perasaan teteh, Aa teu hohongkena jadi hambatan pikeun kalancaran hubungan urang.
Insya Allah Aa ameng ka jawa bulan Juli taun ayeuna..
Teteh kedah terang, Aa didieu kangen pisan ka dede.. sing saling ngerti wae nya, lamun Aa cemburu, kuatir, Aa teh didieu osok ceurik lamun inget ka dede teh.. Aa e ngartos Dede osok ngartikeun Aa, hatur nuhun pisan nya sayang? Tapi Aa ge meni kasiksa lamun ngadangu Dede udur, nyeri hate.. Hapunten lamun Aa aya kalepatan ka Dede, mun Aa posesif teuing.. Hapunten nya.."